Ditataran
sunda loba pisan sajarah sajarah atawa situs situs sajarah perjuangan.
Diantawisna dibeulah kidul Kuningan anu jentrena di Desa Citikur
Kacamatan Ciwaru aya lapangan bal anu ngandung sajarah.
Sabenerna eta desa can lila jadi desa lamun di itung ti taun 2013
katukang karek 6 taun jadi desa, tadina kaasup ka desa tatangga.
Kuperjuangan atawa usaha rahayat dipeukarken jadi desa. Sanajan desa
leutik loba pisan situs sajarah disakurilingna diantawisna lapangan bal
tea, anu kieu rundayan caritana.
Ti
taun 1950-1951 saentosna Indonesia merdeka rahayat wewengkon kidul
kuningan genting riweuh kuseurangan DI TII anu di pimpin ku si Gojim
katelahna eta teh disebutna Gorombolan tea. Eta gorombolan gawe na
ngabunuh, ngarampog rahayat beurang peuting, rahayat loba nu korban.
Tiharita Tentara Indonesia turun anu dipimpin ku Panglima Kodam anu
namina Ibrahim Adjie. Tiharita perang campuh beurang peuting ngalawan
gorombolan anu sarua mawa sanjata, ahirna rahayat jeung TNI ngahiji
ngalawan gorombolan tea anu disebut Gerakan Pager Bitis anu sanjata na
ku bambu runcing.
Tina
perjuangan eta alhamdulillah ngabuahkeun hasil, gorombolan kateter
eleh, kalayan harita keneh turun ti gunung nyerenkeun diri jeung anak
buahna. Tentara anu dipimpin ku Ibrahim Adjie ngabuahkeun hasil jeung si
Gojim bisa turun nyerenkeun diri tiharita aya kapal helikopter turun
ngadarat di lapangan bal eta, pikeun ngangkut si Gojim jeung anak buahna
ka bandung pikeun di proses hukum.
Tiharita
lapangan bal dingaranan Lapang Ibrahim Adjie pikeun pangeling-ngeling
yen aya jasa perjuangan TNI anu dipimpin langsung ku Bapa Panglima Kodam
Ibrahim Adjie.
Lapangan Ibrahim Adjie berada di desa citikur kec ciwaru
BalasHapusNami aslina si gojim teh saha abdi hoyong ngangkat situs lapangan ibrahim ajie saurna mirengmah aya nami asli si gojim teh kanggo bukti
BalasHapus