CURUG BANGKONG
Curug Bangkong nya éta obyék wisata di Kabupatén Kuningan di désa kertawirama. Curug bangkong ngabogaan jangkung 23 méter kalayan rubak kira-kira 3
méter. Daya cai Curug ieu perenahna lamun usum hujan datang, jumlah cai
nambahan leuwih gedé nu ngajadikeun curug kabeulah jadi dua. Sajaba éta
kaéndahan curug, tétéla aya hal anu séjén mangrupa carita-carita ti dunya séjén anu sok ngawarnaan di mana ayana.
Béjana, loba nu datang datang ka curug ieu teu saukur ulin, tapi pikeun
tujuan séjén, kawas néangan berkah sarta moro kesaktian.
Sajarah
Nurutkeun carita ti masarakat sakitar curug, baheula basa aya saurang kolot ngaranna Wiria, asalna ti Ciamis.
Manéhna sok tapa di unggal tempat, anu keur ngalalana. Teu kahaja
manéhna manggihan hiji curug . Tuluy manéhna hayang tapa di éta curug
pikeun nambah kasaktian. Ogé manéhna yakin lamun di tempat éta ogé
manéhna baris bisa ilafat. Singket carita, manéh ngajarkeun masarakat ngajieun gula beureum anu tuluy jadi pakasaban sapopoé masarakat désa Kertawirama.Hiji waktu, Wiria anu disebut abah Wiria ku masarakat désa Kértawirama
ngarasa aya anu ngahareosan pikeun tapa deui di éta curug, harita tapana
lain sapoé atawa dua poé tapi mangtaun-taun nepi ka masarakat hariwang
abah wiria moal balik deui.
Sabada éta masarakat néang abah wiria ka curug tapi teu kapanggih
dedegannana, nepi ka masarakat nyimpulkeun yén Abah wiria ngajirim jadi bangkong sabab saprak abah Wiria teu kapanggih sok aya sora bangkong padahal di sabudeureun curug jarang kapanggih bangkong. Tidinya éta curug dingaranan curug bangkong, sabab dipercaya curug éta di jagaan ku abah wiria anu ngajelma jadi bangkong.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar