Dina zaman baheula,keur zaman legenda
Sangkuriang sareng Dayang Sumbi.
Singkat carita,basa
sangkuriang gagal dina ngadamel parahu sareng ngabendung sungai syarat ti
dayang sumbi pikeun nikah sareng mantena,sangkuriang henteu narima yen manehna
teu tiasa nikah sareng dayang sumbi.Kusabab yen dayang sumbi teh sepuhna
sangkuriang.Ahirna,dayang sumbi diudag-udag ku sangkuriang nepi ka hiji
leuweung,teras dayang sumbi ngebutkeun salendangna kana jajalaneun,ahirna
taneuh jeung babatuan janteun ngagumuk pinuh ku tatangkalan kai anu
galede,kangge ngahalangan sangkuriang supaya teu janteun nikah sareng
mantenna.Kebutan salendang dayang sumbi anu ngajantenkeun ngagumuk jadi taneuh
cadas sareng batu tur kai.
Tangkal kai nu
tingjungkiring ti kapungkur nepi ka ayeuna masih harirup,eta taneuh sareng
tatangkalan nu ngagumuk teh,dinamian gunung
siang.Ti saprak harita eta gunung siang teh,janten desa.Teras ayeuna
mah di gentos janten desa kertawana.Kerta
nyaeta aman,sedengkeun wana na teh,nyaeta leuweung.
Cekap sakieu rupina
ngenaan sasakala gunung siang ti abdi,kirang langkungna neda dihapunteun,,, J
Tidak ada komentar:
Posting Komentar