Bismillahirrahmanirrahiim...
Nama: Widiyanti
Kelas: XII IPA 3
Kira-kira taun 1860 an,Pamarentah Hindia walanda ngayakeun nyiyeun jeung ngalebaran jalanantara Kuningan_Ciawigebang.
Wahangan
Ciliwung pindah ka belah kidul jalan Luragung.,sedengkeun pelokan nu di
sebut pertelon pindah ka tikungan Oleced(ayeuna) dilanjutkeun ku gawe
paksa(rodi) pepelakan kopi,harita teh desa danasuka diganti jaadi
manggari ku kompeni walanda nu keur nyiyeun peta pikeun nyiyeun jalan.
Adapun
kajadian ceuk jama kolot baheula sapertos kiyeu:
Dihiji poe aya sarombongan patrol
kompeni nu keur ngontrol naek kuda dating ti belah kaler,ka Pertelon Manggari.Nembe oge nepi di wahangan
ciporang,sadaya kudana kacapean,didinya kompeni aristirahat.Saurang komando
kompeninyauran salah saurang warga Manggari,maksud pikeun nanyakeun kaayaan
daerah eta jeung name daerah iyeu tempat make basa anu teu dipikaharti ku
rahayat. KAbeneran kompeni eta lempangna ingsud-ingsudan kusabab dina sampeana
aya raheut.
Teu diduga salah saurang sespuh rahayat Manggari ngawanikeun
diri maju kusabab ngira yen eta kompeni
menta tulung saentosna kompeni caket ka sesepuh anjeuna tumaros deui, “Iyeu
kampong naon?” ngangge logat basa melayu dialek Walanda.
Kapaksa sesepuh eta saking ku teu ngartosna patarosan eta
kompeni anu di ajukeun ka manehna, anjeuna jug nagog wae ningal raheut din
sampean eta kompeni. Ujug-ujug si sesepuh eta the nyarios “Oh Lecet”. Mireung
cariosan kitu kompeni katingal sapertos gumbira,terus di catet di bukuna.
Saatos eta, sadaya rombongan
kompeni Walanda ngalajengkeun
ngontrolka daerah kuningan.
Sataun saatos kajadian eta di jalan pertelon dib ere tanda atawa plang nu di
bubuhanku name kampong OLECET.
Sakitu silsilahna,lami kalamian ubah jantenOleced (Pedah
Olecet mangrupa dialek Jawa).
Ngahaturkeun
punten telat

Tidak ada komentar:
Posting Komentar