Sasakala Leuweung Bangong
Kacaritakeun
jaman baheula di desa Cihirup aya kuwu anu kacida beungharna, arana Singa
Dilaga, katelahna embah kuwu. Harta bandana bru di juru bro di panto ngalayah
di tengah imah, rea ketan rea keton sarupaning ingon-ingon ti mimiti meri,
hayam, soang, entog, embe, munding, jeung sapi aya kabeh.
Sajaba beunghar teh, eta embah kuwu
kacida bageurna, someah, berehan, nyaah kasasama, teu sombong antukna rayatna
ngarasa ajrih boga pamingpin jiga kitu.
Sakumaha biasana, embah kuwu saban
poe lebaran iedul adha sok ngayakeun korban embe leuwih ti hiji. Dina hiji
waktu mah embah kuwu rek korbana ku sapi jalu nu panggagahna, atuh samemeh
dikorbankun teh eta sapi dimandian ngarah beresih, geus kitu sup
dikakandangnakeun sina nyatuan jukut.
Sarengse shalat iedul adha embah
kuwu nyuruh gandekna sina mawa sapi nu di kandang ka alun-alun. Bapa lebe nu
rek meuncitna geus nyadiakeun bedog nu seukeut. Nu sejena marawa peso jang
ngeureutan dagingna.
Di perjalanan ka alun-alun, dadak
sakala si sapi teh bet ngamuk, atuh nu nungtun kawalahan. Sapi becir duka
kamana.
Panitia pada bingung kamana neangan
sapi nu leupas. Unggal pasir dipapay hiji-hiji, ari horeng simana horeng si
sapi keur depa di pasir masigit bari bengong ka beulah kaler nyanghareup ka
laut sindang laut.
Ti harita dugi ka kiwari leuweung
eta katelahna “leuweung Bangong”.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar