Cari Blog Ini

Jumat, 23 Agustus 2013

CARITA TELEUM SAMAK BALONG CIMARUNDA DI BLOK CILOMBANG DUSUN CIAWIGEBANG



CARITA TEULEUM SAMAK  BALONG CIMARUNDA
DI BLOK CILOMBANG DUSUN CIAWIGEBANG

Ceuk carita jama kolot baheula di dusun Ciawigebang tepatna di blok Cilombang aya hiji balong, ngaranna balong cimarunda. Balong eta sok dijariuen ulin ku barudak, sok diparake ngojai, sajabana ti eta sok diparake nyareseuh anggoan, aya oge anu nyeseuh samak.
Dina hiji waktos dugi kataun 70 an aya anu nyeseuh samak di balong eta, samakna diampar keun di luhur cai, sejen waktos samak eta ditinggalkeun heula kunugaduhna sabab aya peryogi helua, salajengna aya barudak nu bade aribak bari ngarojai di balong eta, ujug-ujug aya hiji budak anu tilelep pas kitu maot. Ti kajadian eta kasiar carita “Teleum Samak” di sakitar wargi Cilombang di balong Cimarunda eta.
Teleum samak kacaritakeun wargi di sakitar balong aya mahluk ghoib ngatatar kadaerah balong eta, mun aya barudak nu ngarojai didinya pas jam 12 berang, timana dongkapna terang-terang budak eta teh di belit kusamak, dibanteun kajero cai dugi kamaotna eta budak teh
Duka saha nu ngamimitian carita eta, jeung deui naon maksudna ? teu aya nu terang. Ti barang kasiar carita eta teu aya deui barudak nu arulin atawa ngarojai di balong Cimarunda, sababna barudak didinya sarienen ku teleum samak.
Mun diemut ku pamikiran anu leres carita teleum samak eta aya dua kemungkinan maksudna. Panginteun
Kahiji ngawarah ka barudak nu teu tiasa ngojay, sababna barudak nu arulin didinya teu aya anu ngajagana.
Kadua sababna digigir balong eta aya tajug, jeung deui cai balong eta dianggo kanggo wudu, lamun aya barudak nu ngarojai di balong eta caina bakalan kiruh jadina rada kagog anu bade wudu.
Sakitu carita “Teleum Samak” nu di caritakeun ku sepuh baheula nu aya di dusun Ciawigebang, blok Cilombang anu dipercanteun ku para wargi didinya. 

Disusun oleh:
Nama                            :      LIA YULISTIANI
Kelas                             :      XII / IPA 3

  

SMAN CIAWIGEBANG
KUNINGAN JAWA BARAT
2013
 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar