BATU BANGKONG
Di lembur cihideunghilir, lembur anu salah sahiji ka asup lembur anu
aya di kacamatan cidahu kabupaten kuningan, hiji lembur anu jelemana
loba migawe ali. di ujung kidul eta lembur aya hiji walungan deukeut
pasantren cilopang, eta walungan loba di butuhkeun lamun usum katiga.
biasana ibu-ibu sok nyeuseuhan di eta walungan, barudak sok ngecah cai atawa ngojay, loba ongkoh anu sok ngadon mandi didinya.
Jelema didinya biasana nyebut eta walungan ciolok. Dibeulah kulon eta
walungan aya hiji batu gede jelema didinya sok nyebut na batu bangkong.
pek naha batu sok di sebutna batu bangkong ? padahal eta batu
sarua bae jeung batu anu sejenjeung henteu mangrupa siga bangkong,
kuring panasaran hayang nyaho eta kumaha asal-usulna naha batu biasa di
sebutna batu
bangkong ? kuring geus neangan informasi ka jelema kolot anu aya di
lembur cenah naha eta batu di sebutna batu bangkong, kusabab ti baheula
sampe ka ayeuna ti gigir nepi ka sela-selana pinuh di cicingan ku
bangkong.
Jelema didinya tara aya anu wani diuk boh uulinan di eta batu, sampe ka
ayeuna tacan aya jelema anu wani ngusir bangkong tina eta batu, cenah
eta bangkong di anggapna lain bangkong biasa, kusabab saking lobana
bangkong anu nyicingan eta batu padahal mah eta teh bangkong biasa ngan
saking betahna jadi tara pindah ka tempat
sejen. ari jelema di lembur kuring nganggapna eta bangkong teh nyaeta
siluman, padahal mun cek akal mah eta ngan mangrupa bangkong biasa, ngan
tah jaman baheula mah jelema teh taya pikir panjang nya bae batu biasa
di sebutna batu siluman atawa batu bangkong.
tugas dongeng sunda nida'ul fasihah kelas ipa -3
tugas dongeng sunda nida'ul fasihah kelas ipa -3
Blackjack Table Games - JTG Hub
BalasHapusBlackjack 전주 출장샵 Table Games. At JTG, we offer our 군포 출장마사지 customers the 과천 출장안마 best gaming 원주 출장마사지 experience in the world. Our casino floor boasts a unique look, 경산 출장안마