Asal
mula Cangkang Keong
Kacaritakeun di jaman baheula sakadang
kéong téh tara mawa cangkangna
kamana-mana. Mimitina mah kéong cicing dina sayang manuk anu geus teu di
tempatan deui na luhureun tangkal.
Peuting karasa haneut jeung mun
beurang karasa tiis kusabab daun-daun tina tangkal nutupan panasna panon poé.
Tapi mun musim hujan datang, sayang manuk éta kahujanan, kéong jadi kabaseuhan
sarta katirisan.
Teras bae keong teh pindah ka liang
nu aya na tangkal. Mun keur panas, kéong téh
moal kapanasan. Komo mun hujan turun, kéong ayeuna mah moal kabaseuhan jeung
katirisan deui. “Jigana urang geus nimukeun tempat anu cocok,” cek si kéong na haté.
Tapi na hiji poé, datang manuk pamatok.
Tok.. tok.. tok.. manuk pamatok téh
matokan liang nu jadi tempat cicingna éta kéong. Kéong ngarasa kaganggu jeung
teu bisa saré.
Kéong lantas bae keuheul, turun tina
liangna sarta ék néangan tempat cicing anu salanjutna. Kéong nimukeun liang na
taneuh. Katingalna mah haneut mun peuting datang, cek si kéong. Kéong langsung
ngabersihan éta liang jeung mutuskeun ék cicing di jerona. Tapi mun peuting
datang, beurit-beurit datang ngagali ti sagala arah ngarusak imah kéong. Lantas
baé kéong indit ék néangan imah nu anyar.
Kéong terus jalan nepi ka sisi laut
anu pinuh ku batu karang. “Sela-sela batu karang bisa jadi imah urang nu
anyar!!” kéong sorak saking ku bungahna. “Na batu karang urang bisa cicing.
Moal kapanasan atawa kahujanan, moal aya deui manuk anu ék matokan ieu batu,
sarta beurit moal bisa ngagali liang nembus kana batu karang ieu”, cék si kéong.
Kéong bisa ngaso ku tenangna, tapi
mun cai laut pasang jeung cai éta naék sampé ka luhureun batu karang, si kéong
téh ilu kasapu ku ombak. Sakali deui si kéong kudu indit néangan tempat cicing
nu anyar.
Lantas baé si kéong asup ka jero éta cangkang kusabab saking capéna néangan imah. Kéong
ngarasa haneut jeung bisa saré ngagulungkeun awakna kana cangkang.
Kéong sadar geus nimu imah anu cocok
jeung manehna. “Urang teu perlu deui gancang-gancang balik mun hujan turun, moal
kapanasan jeung moal aya nu bisa ngaganggu urang deui. Urang ék ngababawa ieu
cangkang kamana baé urang indit.” cek si kéong.
Ega
Dwi Insani
XII
IPA 3
Tidak ada komentar:
Posting Komentar